Dongeng Pamuk (kapahlawanan) Melak Hulu Anu Ka-2

Simkuring badé ngalanjutkeun carita nu kamari hayu langsung wéh ka caritana.

"Rasakeun musuh...nyaho sarapat waéh hulu sia. Dibabadan ku gobang kaula. Ulah sambat kaniaya, hulu andika rék dipisahkeun tina awak andika. Arék dipelak disalombangkeun. Tamaha andika, biadab, jararahat, wani ngaruksak nagara jeung ngahina bangsa déwék. Keur ciri, bukti ka anak incu generasi kaula, hulu andika ku kaula arék dipelak singnepi ka jadi buah, sangkan anak incu nyarahoeun, yén nagarang téh kungsi dijajah ku bangsa deungeun, ku arandika. Hasil pepelakan, engké sina dirasaan ku anak incu kaula. Kumaha sarina andika anu jarahat. Haseum tah, pait atawa peuheur, sikina sina diarilik-ilik, siga naon jeung siga rupa saha baé beungeut arandika téh. Warana kulit jeung daging buahna ogé sina ditalalungtik, diakurkeun jeung getih maranéhna. Sangkan anak incu galedé tanggung jawabna, henteu mareléng ngeusian nagara." kitu ceuk eusi batin éta komandan harita.

Di médan perang komandan katut wadyabala toh-tohan ngerahkeun tanaga tandang makalangan, toh pati jiwa raga mélaan nagara. Komandan maju mingpin balad pangheulana, lawanna sakéak2, gobangna ngulincer dina luhur kuda, deldel nigasan nugelan hulu lawan. Kawantu asak paniatan ti heula. Wadyabala kabawakeun sumanget ku pamingpinna, anu luar bisa. Saréréa jadi beuki rarikat jeung tambah garalak siga maung keur lapar.

"Musuh anu sakitu samagreng ku pakarang disogrog diasrog, diayoman diburak-barik nepi ka béak jeung sayang-sayangna. Sok rék ngalagu naon deui sia pajajah, rék lumpat ka mana ku déwék hamo teu diberik, dipodaran." kitu ceuk pamikir komandan sanggeus musuhna katétér.

"Panadaran lamun henteu dilaksanakeun cenah sok matak jadi matak." ceuk komandan ka anak buahna.

Pikeun ngalaksanakeun panadaran, komandan henteu meunang kasulitan, da dibarantuan ku pasukan.

"Wadyabala, muga ieu pepelakan urang téh sing kaala buahna, kapetik hasilna, geusan alaeun anak incu urang téh jadi bahan geusan pangéling-ngéling ka daririna, ngarah henteu mareléng ngeusian ieu nagri. Kajadian perang ayeuna kahayang mah ulah kaalaman ku anak incu urang." kitu ceuk komandan méméh ngabubarkeun pasukanna, sanggeus réngsé melak hulu.

Pepelakan ku komandan remen diriksakeun, disimbeuhan dicéboran ku hariring.

"Pelak hulu geura jadi
geura gedé geura jangkung
geura kaala buahna
nu melak hayang ningalan."

Pelentung tina luhureun kuburan hulu aya nu jadi. Komandan bungaheun pepelakan geus kanyahoan jadi mah ku komandan ditinggalkeun, geus lila dilongok deui. Kasampak tangkai téh geus jangkung, mimiti karembangan, tuluy disarandéan saperti sasari dihariringan.

"Pelak hulu geura buahanbéré ciri ieu nagri
nagara kungsi dijajah
ku bangsa irung marancung."

Sabada ditéang deui, buah téh geus arasak, warna kulit buahna siga getih geus lila. Komandan imut waktu ngulumudan siki éta buah, persis gambar beungeut nu ku dirina dipelak. Diicip-icip éta sari buah téh bet karasana haseum, siga budi nu boga hulu, nya perenges. Warna daging éta buah siga cai kiruh ku getih.

"Hmh, ari ku manteng kayeng jeung daék usaha mah laksana ogé kahayang téh," ceuk komandan bari ngilikan éta tangkal.

Sareupna komandan mulang ka kalanggengan, sempet ngadahar jeung ngalalakonkeun heula éta buah ka anak incuna.

Sakian carita simkuring hampura bilih aya kalepatan.

Bila ingin mengcopy paste sertakan alamat email ini.

Share on Facebook Share on Twitter

Comments

1 responses to "Dongeng Pamuk (kapahlawanan) Melak Hulu Anu Ka-2"

Ajoi [04:41 PM, 22-Aug-13]

Kagak ngarti saya

Subscribe to comment feed: [RSS] [Atom]

New Comment

[Sign In]
Name:

Comment:
(You can use BBCode)